Join MultiplyOpen a Free ShopSign InHelp
MultiplyLogo
SEARCH

Padepokan Cikundul

HomeWilujeng SumpingJul 31, 2005
Hatur nuhun kana kasumpinganana...., kersa rurumpaheun sindang di ieu padepokan, namung.... punten bae ..eusina teu acan gegek......nyanggakeun saaya-aya.

Photo AlbumHBH 2007Dec 7, '07 7:51 AM
for everyone
ddd
dThumbnaild
ddd
Kiara Payung

Photo AlbumPangandaran, Batu Hiu & Green CanyonDec 7, '07 7:46 AM
for everyone
ddd
dThumbnaild
ddd
Jeung Kulawarga

Photo AlbumSareng tim tari Merak UNPAD Sep 7, '07 4:22 AM
for everyone
ddd
dThumbnaild
ddd

Blog EntryMar 21, '07 9:54 AM
for everyone

 

             SAJARAH “MAMAOS CIANJURAN”

                 Dikempelkeun sareng disusun

                                        ku

                         R. A. HANAFIAH WIRADIREDJA

                                          diedit  ku

                          Syarifudin Siddik Wiradireja

 

                                Pihatur ti nu nyusun

 

Sapertos anu tos kauninga ku para wargi, seni Sunda Cianjuran dipikawanoh kusakumna urang Priangan, mangrupi sahiji sekeseler mamaos tina sakumna seni budaya nu aya di tatar Sunda sapertos ; CIGAWIRAN,

CIAWIAN, GARUTAN, CIREBONAN ssjb.

Kumargi sim abdi dilahirkeun di Cianjur tur tileuleutik hirup di Cianjur, kalawan ngagaduhan sifat resep tur mikadeudeuh dibareng ku rasa nyaah kana seni mamaos Cianjuran , jorojoy aya emutan hoyong maluruh sajarahna mamaos Cianjuran, ti iraha .?, taun sabaraha…?, aya mamaos Cianjuran, saha anu ngawitan ngulikna..??.

 

Kuayana eta patarosan-patarosan ngadorong sim abdi  ngawitan maluruh sajarah mamaos Cianjuran, sok sanaos mung ukur bekel tekad sareng kadeudeuh mulasara seni mamaos Cianjuran, sim abdi nyobi-nyobi nyusun ieu catetan “Sajarah Mamamos Cianjuran”, malah mandar aya manfaat kanggo balarea anu sami mikadeudeuh ieu seni mamaos.

Namung sateu acanna neda agung nya paralun jembar pangaksama, rehna tangtos dina  ieu catetan sajarah teh seueur kakirangan, boh dina tatabasa, titimangsa oge sajarahna, rumaos tuna pangaweruh dina widangna kalayan bahanna oge mung saukur kengging tetelepek tumaros kapara sepuh sareng

para ahli, anu kiwari tos teu aya dikieuna.

 

Teu aya deui anu dipihareup, mugi ieu catetan “sajarah” janten hiji panggeuing sareng pangdorong ka para putu kiSunda anu akhli dina widang

sajarah kapayun kanggo nyusun hiji buku “sajarah” anu langkung euyeub sareng ilmiah.

 

Kukituna bilih bae aya pihak anu bade ngelereskeun, ngirangan oge nambihan timpah tipayun rewu nuhun anu kahatur.

Panutup hatur tinu nyusun, sakali deui neda agung cukup lumur jembar pangampura rumaos ku katunaan.

 

                                                                        Baktosna,

                                                              Rd. A. Hanafiah Wiradiredja

 

 

                                     Pihatur tinu ngedit

Sok sanaos seni kawih Cianjuran kaetang leuir medalna dibanding sareng seni karawitan sanesna sapertos Pantun, Jemplangan, Degung, Kiliningan sareng sajabina, namung tos kauninga kalayan kaangken kusadaya wargi

Pasundan yen seni mamaos Cianjuran, parantos janten salah sawios bagian tina Seni Sunda.

Ieu catetan hasil ngempelkeun pun aki, mung hanjakal teu tiasa dibukukeun, jalaran anjeunna kabujeng tilar dunya.

Kujurung, ku ngaraos lebar bilih wae ieu catetan kabujeng, kamomorekeun, anu antukna ical tanpa laratan, sim abdi maksakeun ngadigitalisasikeun ieu catetan Sajarah Mamaos Cianjuran, malah mandar aya pulunganeunana, kanggo urang sadaya sareng anak incu-anak anak-incu kiSunda kapayun.

Wassalam.

 

                                                                       Seoul, 15 Juni 2006

                                                                             Pangabaktos,

                                                               Syarifudin Siddik Wiradireja

 

 

         TI DAPUR YAYASAN WARGI CIKUNDUL, CIANJUR

   

               KIDUNG WIWITAN

 Neda ampun ka yang agung

 Seja amit ka yang widi

 Disuhunkeun barokahna

 Ti sadaya para ahli

 Para ahli jeung bujangga

 Pujangga anu bihari

 

 Karuhun muga ngajurung

 Seja amit neda widi

 Wirehing bade ngaguar

 Ngaguar nu jadi kawit

 Dina widang tetembangan

 Malar teu poekeun teuing

 

 Ka luluhur di Cianjur

 Khusus kangjeng Pancaniti

 Jujuluk Kusumaningrat

 Ieu abdi-abdi seni

 Rek nyukcruk mapay laratan

 Pamugi maparin widi

 

 Ieu para putra putu

 Nu mupusti kana seni

 Nu micinta tetembangan

 Ulah kasilih ku junti

 Henteu kagembang ku jaman

 Karawat ku nu pandeuri 

 

                                                               Wargi Cikundul,  Januari 1985

                                                                              Nu nyusun.

 

                   PANGJAJAP TI YAYASAN WARGI CIKUNDUL

 

Assalam mualaiku wr. wb.

Rengrengan Yayasan Wargi Cinkundul, Cianjur ngaraos bingah amarwata suta, asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas, sanggem paripaos tea mah, rehna salah sawios ais pangamping Yayasan Wargi Cikundul parantos

kersa nalungtik, ngempelkeun sareng  nyusun  “sajarah” anu aya pakuat-kaitna sareng mamaos Cianjuran, anu tos dipiwanoh ku urang Sunda khususna sareng urang Indonesia jembarna.

 

Namung sok sanaos Tembang Sunda Cianjuran parantos dipiwanoh ditatar

Sunda, tur sering dipagelarankeun, malah dugika dipasanggirikeun, namung teu acan tangtos sugri para wargi anu mikaresep ieu seni mamaos Cianjuran aruninga kana jujutan atanapi titimangsa ngawitan iraha ayana mamaos Cianjuran.

 

Margi hiji seni, naon wae tangtos aya anu “ngayakeunana, aya anu nyiptakeunana, aya titimangsana”.

 

Ku alpukahna saderek Rd. Achmad Hanafiah Wiradiredja, salah sawios rengrengan ais pangaping Yayasan Wargi Cikundul, anu parantos kekempel bahan-bahan tipara pinisepuh kalawan nyatet mangrupi catetan “Sajarah Mamaos Cianjuran”.

 

Sok sanaos ieu susunan sajarah tangtos masih seueur keneh kakiranganana, namung kanggo para nonoman/wanoja anu mikaresep, mikareueus seni mamaos Cianjuran tiasa ngajantenkeun hiji pangdorong kanggo ngahontal ajen tembang sunda anu langkung jembar.

Teu aya sanes anu dipihareup mugi ieu catetan “sajarah” tiasa janten panggeuing sareng

panghudang sumanget  ka putra putu kiSunda anu rancage kalayan mikadeudeuh seni Sunda,  kersa nyusun hiji buku sajarah anu lengkep kalayan jentre merele.

 

Wassalam.

 

                                                          Cianjur, Nopember 1985

                                                       Yayasan Wargi Cikundul-Cianjur,

                                                                     Sesepuh I,

                                                                       ttd.

                                                            Rd. Onong Ganda Adinegara

 

 

PANGANTEUR DAPUR YAYASAN WARGI CIKUNDUL, CIANJUR

 

Neda agung pangaksama

hakeki ka Maha Suci

lahirna ka balarea

mugi henteu lepat tampi

sanes ati kumaki

reh agul ku payung butut

mapay laratan asalna

ieu mah ibarat misil

ibaratna anak anu mapay bapa

 

Cianjur nagri kawentar

Dina jaman pra bopati

Tangtu ngandung titi mangsa

sajarah pon kitu deui

ngandung warsi mimiti

saha nu ngadeg papayung

catetan mere jawaban

sajarah geus mere bukti

kabudayaan kasenian anu nyata

 

Ciri bukti anu nyata

dugika alam kiwari

gumelar taya pegatna

dipideudeuh dipupusti

nyata mangrupi seni

warisan para luluhur

seni kabudayaan Sunda

ku urang kudu talungtik

ti iraha gumelarna Cianjuran

 

Tembang Sunda Cianjuran

geus jadi sabiwir hiji

jadi catur balarea

tapi poma ulah lali

sajarahna mimiti

pantun Jemplang reujeung Degung

katut rarancaganana

salendro pun kitu deui

naha saha nu kawit nyiptakeunana

 

 

                                     -----===o(0)o===-------

 

 

                                             ASAL MULA

 

Numutkeun katerangan anu kantos kakempelkeun ku pribados, nungawitan ngagali sareng ngamumule seni pantun nyaeta dalem Muhidin anu katelah Aria Wiratanu Datar IV bopati Cianjur ka V (1761~1776).

Saparantos dalem Muhjidin pupus kabopatian diteraskeun ku putrana dalem Aria Enoh katelah Aria Wiratanudatar V, nyepeng kalungguhan bopati Cianjur ka VI (1776~1813).

Saleresna dalem Aria Enoh kagungan 17 rai, namung bade dua wae anu bade dipedar didieu, anu aya hubungananana sareng seni mamaos Cianjuran, nyaeta  R.Aria Wasitaredja (rai nomer 5), katelah dalem dina widang seni, sareng rai nomer 2 (isteri) jenengan Ny. Rd. Tanjungnagara.

 

Dalem Aria Enoh (Aria Wiratanudatar V) anu ngulik kana amengan maenpo (silat)anu saterasna turun tumurun dugi ka R.H. Ibrahim, Cikalong kulon, anu saterasna nyiptakeun ameng Cikalongan.

 

Ari rayina nu ka 5 nyaeta R. Aria Wasitaredja ngulik kana pantun-pantun dongeng raja-raja baheula, oge ngulik kana jejemplangan nyaeta mangrupi

mamaos, anu aya kakaitanana sareng sajarah raja-raja baheula.

 

Rayi dalem Aria Enoh anu isteri nyaeta Ny. R. Tanjungnagara ditikah ku hiji ulama ti Banten, anu ngarundaykeun putra-putu anu jaranten ulama anu kamashur, diantawisna nyaeta putuna jenengan R. Wiradiredja, patih Cianjur, anu saterasna diangkat janten bopati gelar,  R. Aria Prawiradiredja, saparantos ngecagkeun kalungguhanana linggih di Kaum, Cianjur katelah dalem Sepuh, dugi pupusna taun 1834.

Nalika jumeneng anjeunna ngaheuyeuk dayeuh tur nyesepuhan dina kaagamaan, tug dugi ka ayeuna Cianjur kawentar sareng janten babasaan dina tilu hal nyaeta ; Ngaos, Mamaos sareng Maenpo.

 

Wangsul deui kana mamaos anu katelah Cianjuran, sakumaha anu disebat diluhur nyaeta R. Wasitaredja (dalem Seni) anu teras-terasan ngulik mamaos, harita masih mangrupi papantunan - jejemplangan – dedegungan, anu saterasna ieu ulikan diteraskeun ku kapi putuna (putuna dalem Aria Enoh/Aria Wiratanudatar V) nyaeta aom Hasan (saparatos nyepeng kalungguhan bopati (1834~1862) katelah dalem Aria Kusumahningrat, kaceluk alim sareng sholeh kana agama, ngarundaykeun ulama-ulama di Cianjur.

Sajabina ti sholeh dalem Aria Kusumahningrat, neraskeun ulikan eyangna (R. Wasitaredja)  dina widang papantunan-jejemplangan-dedegungan, dina hal ieu seueur pisan kaluarbiasaan dina hal elmu kabatinan sareng elmu kalahiranana, panjang teuing upami dipedar sadayana mah. Numutkeun carios anu turun tumurun, kabiasaan dalem Aria Kusumahningrat upami bade ngadangding hiji lagu jejemplangan, papantunan atanapi dedegungan estu tartib pisan, anjeuna tara lesot tina saum sareng wengina tara petot munajat ka Nu Maha Kawasa, kujalan nyepi diri di pancaniti sababaraha wengi dugika kenging ilham (wallahu alam kumaha),  kuseringna anjeunna ngisat diri dipancaniti dugi ka katelah dalem Pancaniti.

 

Salamina anjeunna tara linggih di kabupaten, kajabi upami aya kaperyogian sareng nepangan geureuha.

Saparantos kenging ilham anjeunna teras lugay tipanyepian ngabujeng tempat panyimpenan gamelan, nu aya dipancaniti, teras nabeuh dugi ka parantosna.

 

Saparantos reres ngagamelan lajeng anjeunna nyaur rai-raina anu tos biasa ngolah wirahma lagu.

Ari rai-rai anu kamashur ngulik/nyipta lagu papantunan-jejemplangan-dedegungan sareng rarancagan dina rupi-rupi laras, aya tilu nyaeta :

1.R. Ardinegara, 2. R. Habib Kusumaadinegara,  3. R. Suriakusuma.

 

Dedegungan sareng rarancagan dugika kiwari seueur sareng sering keneh dimamaoskeun, numutkeun para seniman sepuh aya 28 lagu dedegungan ciptaan dalem Pancaniti (pangapunten teu acan kapaluruh).

Dalem Pancaniti upami ngadangding lagu sok nyandak lalakon dina jaman “PAJAJARAN MURBA”, sapertos ;

1. Waktosn Dewi Asri bade nepangan panutanana R. Mundinglaya disisi 

    walungan Cikoleberes (daerah Bogor ayeuna), anu mana Dewi Asri sateu 

    acan nepangan R. Mundinglaya sok metik heula kekembangan ti taman 

    diiring para emban, sanggakeuneun ka R. Mundinglaya.

    Ieu lalakon ku dalem Pancaniti disanggi janten lagu “ Mupu Kempang”.

 

2. Saparantos R. Mundinglaya tepang sareng Dewi Asri, teras sempal   

    guyon    anu akhirna

    R. Mundinglaya unjukkan ka Dewi Asri, yen anjeuna nampi timbalan ti 

   jeng rama nyaeta Prabu Siliwangi, ngemban tugas kedah nyusul kawiati 

   pikeun ngala Layang Sasakadomas kanggo  tumbal nagri Pajajaran. 

   Lalakon ieu ku dalem Pancaniti disanggi janten lagu “Pangapungan”.

 

Kacapi anu sok dianggo dina jaman dalem Pancaniti disebat “Guling Putih”, saur dalem Pancaniti ;

Guling Putih mah

Kawatna matak tibelat

Tutup kacapina matak marungkawut

Inangna sok mawa dangiang

Liangna matak ngahudang rasa

Puretna matak nineung

ari kelungna matak kaduyung..!!

 

Sadayana lagu-lagu dangdingan dalem Pancaniti, saparantos diolah deui ku para saderekna lajeng diwulangkeun ka wargi-wargi landes, istuning rikip pisan ngawulangkeunana, teu kenging bocor kaluar kabupaten, estu kanggo kulawargi kabopatian bae.

 

Sumber : catetan ; R. Ibrahim Obing, panghulu kapungkur, anu pupus di Tanggeung,  Cianjur taun 1942.

 

katerangan ; R. H. Ipung Prawirasudibja, katua Komisi Sajarah kabupaten

                                  Cianjur, pupus 3 Mei 1970.

 

 

                                                  ******

 

 

        JAMAN DALEM ARIA PRAWIRADIREJA II (1864 ~ 1910)

 

Saba’da dalem Pancaniti pupus (1862) kalungguhan bopati diteraskeun ku putrana Aom Alibasah katelah dalem Prawiradiredja II, sok disebat oge dalem Marhum. Dina jaman dalem Aria Prawiradiredja II, kabudayaan dina widang seni tambih majeng sareng jembar,

Kumargi dalem Aria Prawiradiredja II ngala ka rama resep sareng nyaah kana kasenian.

Sajabina tina mamaos, dalem Aria Prawiradiredja ngayakeun pangajaran ngibing dipirig ku gamelan, sesepuhna waktos harita nyaeta R. Ece Madjid, buyutna Aria Wasitaredja, ari nu ngibingna jaman harita sadaya pangreh praja sapertos, patih, para wadana, para camat  aya oge sawatara padamel kabupaten, malihan waktos harita mah upami aya wadana atanapi camat anu teu tiasa ngibing kalintang matak aebna.

Dalem Aria Prawiradiredja II kagunganan dua parangkat gamelan rampasan, nyaeta si Arum sareng si Malati. Dalem oge miara hiji “Badaya”, wanoja anu tiasa nyirimpi kanggo nyarengan para pangibing pameget. Sajabani kana ngibing dalem oge seneng sareng mulasara seni Wayang Golek, harita unggal malem Minggu sok aya pagelaran di kabupaten.

Dalang anu sohor jaman harita  nyaeta R. Karta ti Warungkondang, anu biasa janten juru kakawenna harita teu aya sanes R. Ece Madjid.

Waktos jaman dalem Aria Prawiradiredja aya tilu inihong dina widang mamaos nyaeta ;

1. R, Djajawiredja

2. Aong Djajalahiman

3. R. Ece Madjid

 

Asihna dalem ka R. Ece madjid langkung-langkung ka nu sanes, kumargi katiasana dina widang seni langkung onjoy tinu sanes. R. Ece Madjid sajabina anu parantos kasebat tipayun, sajabina tina mamaos, ngacapi, rebab sareng suling anjeuna tiasa oge nabeuh alat musik barat sapertos, gitar, piano sareng biola. R. Ece Madjid sering mintonkeun katiasana midangkeun lagu-lagu dedegungan ku piano.

Kaistimewaanana R. Ece Madjid dina perkawis ngadangding lagu, kanggo kawih atanapi kanggo biantara dalem sok tiasa didadak harita keneh. Ieu kaahlianna nurun ka kapi alo anjeunna di Pasarbarau, Cianjur nyaeta R. Didi.

Dina jaman harita papantunan, jejemplangan sareng dedegungan tambih jembar, namung bae masih diwanti-wanti teu bocor kaluar kabupaten, nya kitu anu diajarna mung wargi-wargi dalem anu lalandes.

 

Aya paripaos, piring oge sok paketrok sareng pisin, nyakitu deui harita duka naon alatanana dalem bendu pisan ka R. Ece Madjid, dugika sababaraha lamina R. Ece Madjid tara diajak nyarios, tara ditaros ku dalem, anu teu dipikahartos ku R.  Ece Madjid naon alatanana, naon kalepatanana ka dalem.

Bakat ku bingung R. Ece Madjid harita lunta ka pakidulan ngabujeng ka R. Nitikusumah anu waktos harita janten wadana Sindangbarang (harita namina Cidamar) kenging sababaraha minggu natamuna di Sindang barang.

Dina taun 1880 pangersa dalem ngersakeun bubujeng (moro) banteng ka pakidulan disarengan ku kapi saderekna  R. H. Ibrahim Obing anu harita janten halipah di Sindangbarang, R. H. Ibrahim Obing parantos biasa nyarengan dalem upami bubujeng, margi R.H. Ibrahim Obing kawentar pamatang kahot, sareng kaanggo ku dalem.

R.H. Ibrahim Obing kawentar oge jago maenpo asuhan/murid R. Ibrahim di Cikalong.

 

Saparantos dalem jengkar moro, dalem katambias teras naek ka hiji pasir anu rada luhur, maksadna milari jalan, eta pasir disebatna Pasir Leuweung Cipondok.

 

Barang dugika punceur pasir dalem kagagas ninggali kaendahan alam, plung plong matak waas, katinggali laut kidul ombakna pating suruwuk, kasorot cahaya panon poe pating gurilap. Harita dalem ras emut ka R. Ece Madjid, teras dalem nimbalan salah sawios pangiring supados milari R. Ece Madjid, anu diwaler ku R. Ibrahim Obing, yen R. Ece Madjid kaleresan nuju natamu di R. Nitikusumah, di Sindangbarang. Enggalna R. Ece Madjid sumping ngadeuheus dalem di Pasir Leuweung Cipondok.

Barang prok R. Ece Madjid pendak sareng dalem, gapruk dalem ngarangkul ka R. Ece Madjid bari nangis, saterasna saparantos lubar kasono, dalem miwarang ka R. Ece Madjid kanggo ngadamel rumpaka kaendahan alam anu katinggal harita. Kalayan henteu talangke R. Ece Madjid harita keneh

ngagalantang ngebrehkeun kaendahan alam harita.

Rumpaka laut kidul sanggian R. Ece Madjid sadayana aya 27 pada, mung hanjakal teu kapapay laratan sadayana.

 

                                                   *****

 

Dina hiji waktos dalem Aria Prawiradiredja nampi uleman ti dalem Bandung R. Kusumadilaga, anu katelah dalem Karang Anyar. Dalem Bandung sami-sami seneng kana mamaos. Dalem Cianjur harita angkatna mung disarengan  ku R. Ece Madjid, anu biasana sok disarengan kudua panyuling nyaeta pa Rais mun henteu pa Ahim asuhan R. Ece Madjid, anu harita mah masih barujangan.

Sadugina ka Bandung dalem Cianjur ditampi kalayan kabingahan ku dalem Bandung, harita dalem Bandung parantos sasayagian ngempelkeun para ahli mamaos urang Bandung, reres biantara pangwilujeng disambung ku mamaos pangbagea ka tamu, giliran tatamu ngawaler mamaos pangbagea. Dalem Aria Prawiradiredja rada ewed kumargi harita teu nyandak juru suling, lajeng masihan isarat ka R. Ece Madjid,  R. Ece Madjid teu talangke lajeng mundut widi ka pribumi bade nambut piano nu aya dikabupaten, saba’da diwidian ku dalem R. Kusumahdilaga, lajeng R. Ece Madjid ngalagukeun lagu-lagu dedegungan nganggo piano.

sadaya hadirin teu aya anu henteu colohok, rehna nembe nguping, lagu-lagu dedegungan dimaenkeun ku piano.

 

                                                 ******

 

Sateucan ngecagkeun kalungguhan bopati dalem Aria Prawiradiredja II, kantos kaselir dianugrahan “Bintang Oranye Nasau” kupamarentah Walanda, anu didugikeun ku Residen di Bandung.

Kuaya kitu dalem Aria Prawiradiredja II kedah angkat ka Bandung kanggo nampi ‘bentang”, harita oge nya kitu mung disarengan ku R. Ece Madjid.

Singkatna barang dugi ka Kersidenan di Bandung, harita tos hempak bara bopati sa-Priangan sareng para tamu kanggo ngawilujengkeun ka dalem Prawiradiredja II, saparantos ngempel sadaya para tatamu, haleuang bopati Bandung biantara dina rumpaka pupuh Dangdanggula, ngawilujengkeun sareng ngiring bingah ka bopati Cianjur.

Reres biantara bopati Bandung, dalem Aria Prawiradiredja II, ngisaratan ka R. Ece Madjid supados ngawaler kana biantarana bopati Bandung.

Lajeng R. Ece Madjid ngadeg teras ngawaler kana biantara pangwilujeng bopati Bandung, kalayan didadak harita keneh. Rengse biantara waleran ger emprak asa kaeundeur gedong kersidenan, malah tuan Residen mah dugika gogodeg, bakat ku kataji.

 

                                        *****

 

 

                       NYEBARNA MAMAOS KABALAREA

Saparantos dalem Aria Prawiradiredja lungsur tina kalungguhan bupati, kalungguhan bopati diselang ku Patih Demang Natakusumah salami dua taun, dalem Aria Prawiradiredja II pupus dina taun 1920.

Salajengna kalungguhan bopati Cianjur dicepeng ku R. Muharam Wiranatakusumah (1912~1920), anu kawitna camat Cibeureum, Tasikmalaya.

Tingawitan harita mamaos Cianjuran dipiwanoh kubalarea. Harita R. Ece Madjid linggih di Pasarbaru Cianjur, ngawitan ngawulangkeun mamaosna di Pasarbaru, Cianjur ka kandang wargi landes.

Harita anu langsung kawulang ku anjeuna teu aya sanes ;

  1. R. Yasin
  2. R. O. Natanagara
  3. R. Idroes Wiradiredja
  4. R. Muhjidin Wiradibrata
  5. R. Cicih Wiradiredja
  6. R. Encang
  7. R. Ipung Prawirasudibdja
  8. R. Didi, sareng seueur deui anu teu kacatet.

 

Wuwuh lami, tambih mashurna mamaos Cianjuran, wuwuh seueur anu sarumping ngalap elmu mamaos ka R. Ece Madjid.

Saparantos ngawulang mamaos ka para wargi di Pasarbaru, R. Ece Madjid lajeng ngawulangkeun elmu mamaosna kaluar ti Pasarbaru, Cianjur, nya eta kapara padamel Pakauman, diantawisna ;

  1. R. Muhammad Djuwaeni, panghulu Sukabumi (dina taun 1916 nyanggi  kawih “Kentar Ayun”)
  2. R. H. Husen……………., panghulu Bogor
  3. R. Ibrahim Obing (dina taun 1921 nyanggi “Pangkur Madenda”)
  4. R. H. Mahmud, Naib Cisaat (dina taun 1916 nyanggi “Kentar Cisaat”)
  5. R. Kartayaman ……..
  6. R. Mani ………….
  7. R. Dudu ……….
  8. Rais …..
  9. Ahim ….
  10.  Ibu Anah, garwa R. Bohari …….., Komis kabupaten
  11.  R. Uci Sasnusi, teras ngalih damel ka Bandung
  12.  R. Isa …… (Aang Isa)
  13.  R. Enti ….., kalipah Cilaku
  14.  R. Ondang
  15.  R. Cacih Djarkasih, Kaum, Cianjur, harita nembe umur 11 taun, mung henteu lami

kumargi R. Ece Madjidna kabujeng pupus, mung kawulang jejemplangan-papantunan-sareng dedegungan. Saterasna mah R. Cacih Djarkasih ngalap elmu ngacapi ka bapa Askaen tukang kacapi kahot di Cugenang.

Tambih dieu tambih seueur anu ngaguru mamaos Cianjuran ka R. Ece Madjid, sajabina ti ngaguru mamaos oge aya anu ngaguru nyuling, diantawisna Rais sareng Ahim.

Anu ngaguru tambih nambihan kuayana kasumpingan dalem Wiranatakusumah dalem ti Bandung anu harita disarengan ku kalipah Apo, R. Ihot, R. Emung Purawinata, sareng bapa Uce , tukang kacapi ti Sasakgantung, Bandung.

 

Sadaya rombongan diwulang ku R. Ece Madjid disaksian ku R. Ipung Prawirasudibja.

Bapa Uce saparantos diwulang R. Ece Madjid tambih lami tambih sohor di Bandungna.

 

Sadaya anu kantos diulang ku R. Ece Madjid, ngawulangkeun deui ka muridna, kitu sareng kitu, dugi ka ieu seni mamaos Cianjuran, sumebar sa Pasundan.

                                        -----===o00===----

 

                      

                                   SASAKALA PANTUN.

 

 Dina taun 1776 aya hiji jalmi wastana Tjakradiparana, duka timana asalna, eta jalmi, ngababakan di sisi gunung Manangel, Cianjur, karesepna kana papantunan.

 

Hiji mangsa Tjakradiparana tatapa digunung salami 40 poe, ari masksudna hayang tiasa mantun, dina poe ka 40 Tjakradipirana kadatangan gulang-gulang anu maksudna ngemban timbalan raja, Tjakradipirana kudu ngadeuheus ka karaton.

Gancangna, Tjakradiparana miang ka kakaraton diiringkeun ku gulang-gulang. Sajeroning lalampahan kakaraton Tjakradiparana ngarasa pohara heranna jeung asa sejen panenjo, sabab nyorang jalan anu sakitu resikna, lempeng ngulon, jog anjog kahiji karaton agreng, cahaya lampu anu tinggurilap asa dina pangimpian.

Barang anjog kakaraton gek Tjakradiparana diuk, teu lami ti jero karaton jol kangjeng Raja lajeng ngadawuh, ngabageakeun ka ki Tjakradiparana, lajeng dawuhna ;

“Bagea Tjakradiparana, bener anjeun teh hayang bisa mantun…??”, jung atuh cokot pantunna dikamar..!!.

Jung ki Tjakradiparana kakamar anu dituduhkeun, barang gok kana barang anu disebut pantun teh kacida badag sareng beuratna sagede lisung bangkrung jeung aya kawatan 6 lambar, nya dicandak weh eta anu disebut pantun teh kapayuneun raja.

Pok pangersa Raja ngadawuh ;“Pek maneh geura mantun, tapi ngalalakonna

kudu bukti jeung anu dilalakonkeunana, ayeuna ku kula rek digeroan, Tjiung Wanara tah ieu buktina,

Ayeuna lalakon Lutung Kasarung tah ieu buktina, ayeuna lalakon Mundinglaya tah ieu buktina, ayeuna lalakon Sangkuriang tah ieu buktina. Jeung lamun maneh rek mantun, poma kudu disebut jeung disambat anu baris dilalakonkeunana”, kitu timbalan Raja.

 

Sangges ki Tjakradiparana apal kana pantun sarta Raja geus ngawidian, Tjakradipurana dipiwirang mulang ku Raja.

Bral ki Tjakradiparana mulang, ari jog kalemburna manehna ngarasa kaget, sabab rea pisan jalma ngagimbung diimahna anu cenah keur hajat 40 poena ki Tjakradiparana maot.

Ti wangkid harita ki Tjakradiparana jadi juru pantun anu kasohor pisan, lila-lila eta bewara kauninga ku dalem ti Cianjur, anu salajengna ki Tjakradiparana kantos disaur dipiwarang mantun di kabupaten.

Pantun jaman harita tara dikawihkeun cara ayeuna, estu mung nyaritakeun lalakon wae.

Wallahu a’lam…

 

 Dongeng ti R. Ipung Prawirasudibdja, Komisi Sajarah Kabupaten Cianjur.

 (pupus ; 3 Mei 1970).

 

 

 Wassalam.

 

 


MusicJul 17, '06 7:16 AM
for everyone
Jangan Ditanya Kemana Aku Pergi Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Kr Dewi Murni Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Lgm Juwita Malam Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Lgm Selendang Sutra Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Rindu Lukisan Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Lgm Sepasang Mata Bola Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 
Kr Sekuntum Bunga Di Puncak Giri Koleksi Emas Keroncong Sam Saimun Dkk. Various Artists 

MusicJul 16, '06 1:28 AM
for everyone
Track 5 Untitled - 06-05-06 Unknown 
Track 2 Untitled - 06-05-06 Unknown 
Track 10 Untitled - 06-11-06 Unknown 
Track 10 Untitled - 06-05-06 Unknown 
Track 8 Untitled - 06-11-06 Unknown 
Track 7 Untitled - 06-05-06 Unknown 
Track 14 Untitled - 06-11-06 Unknown 
Track 9 Untitled - 06-05-06 Unknown 
Track 9 Untitled - 06-05-06 Unknown 

Photo AlbumKeur ResmiJun 18, '06 11:16 PM
for everyone
ddd
dThumbnaild
ddd

MusicJun 17, '06 5:22 PM
for everyone
Angin Priangan Sunda Cianjuran  
Arum Bandung Ayun Ambing L.S. Kancana Sari Bandung 
Ayun Ambing Ayun Ambing L.S. Kancana Sari Bandung 
Hariring nu Kungsi Nyanding Sunda Cianjuran  
Lembur Kuring (Tati Saleh)   
LOKAT MALA   
Kembang Tanjung Sunda Cianjuran  

MusicJun 17, '06 5:42 AM
for everyone
Ayun Ambing Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Bandung Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Banjaran Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Banteng Wulung Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Beber Layar Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Dikantun Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Gunung Sari Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Jipang Prawa Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Kadewan Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Kahyangan Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Kajineman Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Karang Kamulyan Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Karang Mantri Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Karatangan Pahlawan Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Karedok Leunca Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Kinteul Bueuk Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Layung Sari - Karang Nunggal Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Mojang Desa Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Ngantosan Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Palwa Degung Klasik Vol.3 L.S. Kancana Sari 
Paron Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Pulo Ganti Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Sabilulungan Degung-Sabilulungan Suara Parahiangan 
Sinangling Degung Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 
Ujung Laut Degung Klasik Vol.6 L.S. Kancana Sari 

MusicJun 16, '06 11:36 AM
for everyone
HARIRING NU KUNGSI NYANDING Sunda Cianjuran  
PANCURAN CINTA, Yayan Jatnika   
Mega Sutra Pantai Carita  Darso 
KALANGKANG, Nining Maida   
Bulan Sapasi.MP3 The Sound of Sunda Euis Komariah & Yus Wiradiredj 
SUMEDANG, Dul Sumbang   
Pras_Pris.MP3 Coyor Manor Detty Kurnia 
03 taman carita Calung Modern Darso 
Warung_Pojok.MP3 Coyor Manor Detty Kurnia 
KEMBANG IMPIAN Sunda Cianjuran  
Mojang Priangan (Yana)   
Tunggara (Evi Tamala)   
Serat_Ti_Anjeun.MP3 Coyor Manor Detty Kurnia 
Pileuleuyan   
Panon Hideung (Yana)   
Mojang Priangan (Yana)   
08 manuk dadali Pop Sunda Varioust 
Kunaon Neuteup ka abdi (Lilis)   
Kamana Panutan Abdi (Lilis)   
Abdi mah jalmi biasa (lLilis)   
Amparan Sajadah (Darso)  Darso 
Angin Priangan Sunda Cianjuran  
Bajing_Luncat.MP3 Coyor Manor Detty Kurina 
02 bandung ciparay Calung Modern Darso 
Bangbung ranggaek   
Cing Tulungan (Lilis)   
Curug Cinulang  Yayan Jatnika 
Dago Pakar (Darso)  Darso 
Dina Jandela Sunda Cianjuran  
Duh Aduhmanis (Hetty Kus Endang)   
Duriat  Darso 
10 emut bae Lagu Sunda Hetty Koes Endang 
03 es lilin Pop Sunda Varioust 
Euis   
Imut Malati Sunda Cianjuran  
Iwal Anjeun (Nining Meida)   
Jalir Jangji (Nia Daniati)   
Ulah Ceurik (Dedi Krisna)   
KABAYA BEUREUM   
Mobil Butut  BUNGSU BANDUNG 


Blog EntryAug 4, '05 10:09 AM
for everyone

1. Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa...

2. Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda

    Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

3. Tong ngudag mun sieun tinggaleun,

   tong ngabogaan mun sieun kaleungitan,

    tong neangan mun sieun teu manggih.

4. Teu harta teu pangaboga teu kokoro-kokoro acan,

  Teu elmu teu pangaweruh teu bodo-bodo acan,

   Ngan hayang nempo Ki Sunda nanjung, mun bisa  milu nanjungkeun

5. Gubrag ka dunya..lengoh !! .sataranjang.!!,ninggalkeun dunya ngan boeh salambar jeung kapas sacewir nu bakal marengan..!!

 


Photo AlbumNew AlbumAug 2, '05 10:49 PM
for everyone
ddd
dThumbnaild
ddd